Friday, September 24, 2010

Carpon Sunda

Hiji Peuting Rehe Simpe

Simpe pisan peuting harita teh teu kawas ti sasari. Saenyana mah can pati peuting-peuting teuing, aya kira-kira kana jam salapanan mah meureun. Biasana pareng wayah kieu sok remen babaturan tingkulampreng arulin ka imah. Geus puguh pareng pere sakola mah teu kudu dicaritakeun deui. Malah sok diaya-ayakeun sagala kagiatan pikeun ngeusian waktu pere mah.

Babakuna kana mayoran, meh ungal peuting tara kaliwat. Nya kitu beurangna. Ngan ari ti beurang mah tara remen kawas ti peuting, da kawantu loba liarna peuting antukna ninggang beurang jadi tunduh. Da tara jauh ti sare ari beurang teh atuh. Kawas kalong bakuna mah. Can dur-duran bedug mah tara waka hudang ari lain dibanyur ku cai saemer mah.

Duka kunaon nyaeta ari peuting ieu bet rehe pisan. Enyaan simpena teh. Si Aceng ge nu sasari sok pangiatna lamun nyampeur ulin teh ayeuna mah euweuh ngurunyung-ngurunyung deuih, kawas nu geus dileg-leg jurig. Kuring ngan bati gogolehean bae di enggon, sakapeung humandeuar di tengah imah. Arek kaluar rada haroream ari nyorangan mah, kuring tea katelah borangan. Lamun seug tadi ba’da magrib mah kaluarna meureun kuring ge rada daek ukur ka imah si Wawan bae mah, da teu pati jauh barina oge. Ngan palebah kebon Mang Uhe sok rada nyorodcod kawantu inget omongan si Rahong, cenah aya jurig di dinya teh, palebah tangkal waru pisan. Jurig awewena cenah. Bu’ukna ngarumbay panyang samet tu’ur. Si Rahong ngomong kitu teh nalika keur ngawangkong jeung si Wawan. Ti ditu na mah nyingsieunan meureun, ngan si Wawan-na teu borangan, bubuhan geus biasa lalar liwat ka lebah dinya. Kuring mah barina biasa oge anggeur we sieun. Sok kabayangkeun.

Teu karasa waktu nyerelek beuki peuting. Jam nu ngadaplok dina temok jarumna nunjukeun pukul 10. Keur jongjon ngalamun. Kadenge ti luar aya nu uluk salam mani tarik pisan. Apal kana sorana mah, teu bireuk, da euweuh deui nu boga sora kawas kitu ari lian ti si Bohim. Keur rebek teh cowong deuih. Kuring gura-giru kaluar. Bray mukakeun panto, kasampak si Bohim geus ngajanteng hareupeun lawang bari sarangah-serengeh kawas monyet jalu manjing birahi. Luhureun golodog, si Wawan diuk nyanghunyar lamar siga nu cape. Gigireunna aya buntelan samping ngajugrug mani gede pisan. Teuing naon eusina.

“Ari maneh kamarana jam sakieu karak ngurunyung? Dewek nunguan ti ba’da magrib keneh, jebul-jebul wayah kieu” kuring nanya miheulaan.

“Sorry, ada perubahan acara” tembal si Bohim bari miheulaan asup ka jero imah. Jung si Wawan nangtung ngelek buntelan, tuluy asup nuturkeun si Bohim.

“Eta naon euy?” kuring mencrong buntelan.

“Urang pesta peuting ieu mah, mengpeng kolot maneh keur suwung”.

Kuring gancang surti naon nu dimaksud ku si Wawan, da puguh geus jadi kabiasaan “pesta-pesta” kitu teh.

“Ti kebon saha? Mani mareujeuhna kieu” ceuk kuring bari mencetan siki peuteuy nu geus diluyahkeun na luhur meja. Teu kaliwat jengkol ngora ge aya.

“Ti kebon Haji Oding. Bieu ba’da magrib basa uing rek ka imah Si Bohim ngahaja nyimpang heula ka imah si Aceng. Maksud teh hayang bareng ka imah maneh. Barang jol ge uing anjok, si Aceng geus haripeut manten nyarita ka uing majar teh aya oprasi anu kudu digawean peuting ieu keneh. Ulah nepi ka gatot (gagal total) cenah, masalahna euweuh deui kasempetan. Cenah isukna Haji Oding rek ngaborongkeun peuteuyna ka tangkulak. Samemeh ku batur urang kudu ngasaan heula cenah. Nunguan dibere mah rek iraha temenan. Haji Oding tea merepet jahe medit beak karep. Euweuh deui cara ceuk si Aceng mah iwal ti dipaling. Kitu tah tadi ngomong na teh. Ari uing mah hayu bae, bosen tuda mayoran jeung kulub daun sampe wae.

“Tuluy…” tempas kuring.

“Nya uing jeung si Aceng nyieun rencana. Ngarah teu keueung, tuluy we neang si Rahong jeung si Bohim…” ceuk si Wawan bari nyelang heula ngareret si Bohim nu keur anteng ngagahgalan siki peuteuy semu ni’mat.

“Lumayan rada keueung opatan ge. Sieun aya jurig, mangkaning deukeut astana. Si Rahong mah da mani teu empes-empes nyempod na dapuran cau. Sungut we rahul”.

“Mun rek keueung ge dewek. Silaing mah ninggang aya nanaon kari becir. Dewek pupuraetan jeung si Aceng, piraku rek muragkeun maneh mah” si Bohim nyeleungkeung. Hiliwir bau peuteuy mani mabek minuhan liang irung.

“Naha geuning teu bareng kadieuna?”

“Cape puguh ge uing mah Ta. Keun bae lah si Aceng Jeung si Rahong mah sina neangan samel-leun”.

Teu lila kulutrak panto hareup aya nu muka. Lol si Aceng jeung si Rahong angkaribung ku babawaan.

“Cukup sakieu euy?” ceuk si Aceng bari namrukeun cengek.

“Loba teuing atuh eta mah. Na silaing hayang panas liang tai” tembal si Bohim.

“Sesakeun bae euy ari kalobaan mah. Keun ku dewek rek dibawa balik engke” ceuk si Rahong nempas.

“Angger silaing mah, sagala-gala teh kudu aya keur bawaeun balik kawas nu geus rarabi wae”.

“Nya dari pada hambur, lebar atuh, mening jang ema”.

“Heu’euh kumaha silaing we, sok mung eleh silaing mah. Lain, ari beasna aya weuh, euy?”

“Keun ti dewek, sok ayeuna mah saringkil. Bawa tah peuteuy teh ka dapur”.

Breng wae salima-lima, kaasup kuring, digarawe mani antare. Si Bohim jongjon mubuyan peuteuy. Sakapeung wel siki peuteuy meunang mubuy teh dihuapkeun kana sungutna. Si Rahong nagog anteng mipitan cengek Oge si Aceng mani kokosodan ngarenos samel-eun. Saliwat mah bleg we Bi Ule tukang lotek nu kuer nyieun lotekkeun. Si Wawan hohethat ngageberan seuneu. Na leungeun kencana reney ku pangangan lauk asin karesepna, digalar-gilir semu ni apik. Sakapeung kadenge hoak si Bohm tipoporongos nyarekan si Wawan. Majar sentimen cenah pedah ngageberna teu eucreug. Hayo digeberan ka lebah beungeut, atuh puguh haseup seuneu napuk beunget si Bohim.

Eta geus cowong teh sora si Bohim hayoh deuih digorowok-gorowok pake nyarekan si Wawan, da si Wawan mah mani beberekisan tayohna nutupan liang irung jeung liang ceuli. Kuhandaruanna ngadenge sora si Bohim. Nya bau peuteuy mani nojos.

Rada rame tuluyna mah peuting harita. Kabeh ge ngarasa bungah. Komo ningali pamolah si Bohim jeung si Wawan nu teu weleh gogegag kawas ucing jeung anying. Tapi tara ari nepi ka parasea mah, ukur kitu bae, komo nepi ka dur der gelut mah. Kabeh ge geus pada-pada nyaho sifat sewang-sewangan. Kapanan tadi oge barareng kadieuna teh.

Si Rahong ge embung katinggaleun deuih. Derekdek we ngadongeng, ngaguar pangalamanna bari teu lesot leungeunna mah tina mipitan cengek, jeung angger deuih nagog siga nu keur ngising.

Kieu cenah dongeng si Rahong teh. Manehna boga kawawuhan di lembur uwa-na di Cikoneng, ngaranna Bang Jun. Ari ngaran asli na mah Mang Juned, ngan ku lila ngumbara di Jakarta jadi kapangaruhan kalakuanna teh cenah siga urang Jakarta. Tapi nu saenyana mah Bang Jun teh urang Sunda, estuning pituin urang Sunda satatanga jeung uwa si Rahong cenah.

Ku lila-lilana cicing di jakarta kalakuanna oge milu robah kawas urang Jakarta. Da lamun ngwangkong ge sok make basa Jakarta sakapeung mah. Malah mun panggih jeung kawawuhanna tara elat ti ngahalow, “halow” cenah dibarengan kungarangahkeun dua leungeunna ka luhur, teu di mana teu di meni eta teh. Rek panggih di jalan atawa di imah kudu we ngarangahkeun dua leungeunna bari nyebut halow.

Hiji mangsa cenah basa si Rahong keur nganjang ka imah uwana, manehna liwat ka lebah imah Bang Jun. Teu ngahaja-ngahaja cenah ukur liwat bae. Basa manehna keur jongjon leumpang, katangeun Bang Jun keur pupuraetan naekan tangkal kalapa mani sumanget naker, karak satengah catang cenah. Teuing arek ngala naon, meureun ngala kalapa nu geus karolot pedah loba pisan nu geus kolotna. Teu antaparah deui tuluy we dihalow cenah bari ngarangahkeun dua leungeun da geus biasa cenah. Tuluy deui we neruskeun leumpangna teu nunggu jawaban da keur rurusuhan cenah.

Teu lila ti dinya kira-kira sababaraha detik cenah sanggeus kadenge jawaban halow ti Bang Jun, kadenge aya sora nu ngagebut mani tarik pisan siga nangka asak murag tapi ieu mah bari dibarengan ku sora nu humaregung. Barang dilieuk teh kasampak Bang Jun keur nyangsaya bari oseh-osehan dina lomang rada gede pamicenan runtah nu teu jauh tina tangkal kalapa nu ditaekan ku Bang Jun. Kapohoan meureun ceuk si rahong mah ku lantaran kabiasaan sok spontanitas. Asa dosa cenah, ditulungan kuriak disegag jeung disalahkeun (barina heueuh salah). Tuluy we mungprung malah satengah lumpat cenah, teu ditolih nu oseh-osehan mah.

Lain deui dongeng si Aceng mah. Basa manehna mimiti pisan ulin ka dayeuh, manehna teh naek bis kota cenah. Keur diuk we cenah dina jok bari rarat-reret kaditu-kadieu, solongkrong aya nu ngabagi-bagi kadaharan dibungkusan palastik, malah manehna ge kabagean. Teu lila solongkrong deui aya nu mere cai dina botol palastik, kop be eta ge dicokot ku manehna cenah, pedah manehna inget kana omongan si Rahong, di dayeuh mah aya Beus nu sok merean dahareun jeung inuman cenah ka panumpang na teh sebagai bonus, teu kudu mayar alias gratis cenah. Da harita keneh oge belewek we dihample nepi ka beakna. Ngan teu lila, nu tadi mere dahareun jeung inuman teh jadi tuluy menta duit. Leng ngahuleng sakeudeung, keuheul jeung ambek cenah ka si Rahong asa geus diwadulan. Najan rada bari ambek ge teu wurung we dibayar da era cenah.

Si Rahong nu kaparengan aya di dinya gancang nempas sangges si Aceng tamat ngadongengna “Ah, silaing na we no bodo maenya aya jelema ku bageur-bageur teuing make merean dahareun sagala. Ieu deui ka jelema kawas maneh. Barina oge iraha uing ngomong kitu ka maneh. Asa teu pernahngomong kitu” ceuk si Rahong mani kalem naker. Padahal nu saenyana mah memang heu’ueh siTahong pernah ngomong kitu, ngan siRahong na we embung ditabeuh, ma’lum si Rahong, teu cara nabeuh batur.

“Geus ah euy, urang dahar. Geus asak yeuh, amparkeun daun cauna Ceng!” kuring nitah ka si Aceng nukatempo rada baeud.

Pamustunganna mah beuk we salima-lima dalahar balakecrakan, paronyo semu ni’mat. Teu dipikirkeun dosa nu geus dilampahkeun mah. Ma’lum barudak kararitu atuda, mengpeng baladuer.

Peuting di luar beuki simpe nandakeun waktu geus samporet nuju ka isuk. Euweuh jelema nu ngulampreng hiji oge. Kabeh geus talibrajeung impianna sewang-sewangan. Sasatoan peuting teu kadenge sorana kawas nu katirisan. Ci ibun mimiti muruluk ti langit nu rimil ku bentang. Peuting jempling rehe simpe.***

No comments:

Post a Comment